Naon Pangna Urang Milih Islam

Drs.H. Bahrul Hayat, M.A. 
(Ketua Umum Déwan Da’wah Jabar)

TIANTAWIS anu ngadorong naon pangna urang milih Islam, kanyataan jaman kiwari, di wewengkon Éropah jeung Amérika, nuju euyeub ku masalah pangobatan nu disebut Tibbun Nabawi, pangobatan kalana. Ku jalma-jalma anu palinter, sunnah anu janten kabiasaan Nabi anu aya pakaitna sareng kaséhatan éta diguar kalawan jero dugi ka bubuk leutikna. Diantawisna, upami ku urang diperhatoskeun Kangjeng Rosul nalika calik tara sila. Calikna Rosulullóh téh saperti anu tahiyat awal, mung tara dilipetkeun margi sanés nuju sholat, dugi ka imbitna numpang sadayana kana dua dampal sampéanna, kitu kabiasan Kangjeng Rosul dina nalika calik, béda jeung urang Sunda, andekak sila, pon kitu deui ibu-ibuna émok cabok, aya sila tutug jeung anu séjénna deui. Tah Kangjeng Nabi mah calikna téh saperti nuju tahiyat awal mung dampal sampéanna henteu ditikelkeun wungkul. Ieu téh ku batur mah ditalungtik kalawan jero, anu tétéla ieu téh utamana pikeun ibu-ibu mah kacida pisan pentingna.

 Cobi geura perhatoskeun kabiasaan calikna Rosul téh diantarana:

Kahiji, bakal ngaleungitkeun kasakit ambéyen, kusabab otot-otot anus bakal kuat. Pon kitu deui keur ibu-ibu anu calikna sapapaosna kitu, éta bakal nguatkeun palawangan, ‘kencengna’ palawangan téh penting, geus puguh keur anu boga salaki mah. Tapi anu langkung pentingna deui mah dina nalika ngajuru, palawangan anu tarik téh bakal babari ngaluarkeun orok, sawangsulna lamun teu tarik mah bakal hésé dina nalika ngajuru.

Kadua, ku calik anu saperti kitu, éta bakal nguatkeun tulang tonggong, sabab henteu bongkok, bakal angger ajeg ka luhur. Dina nalika umur geus 70 ka luhur ogé tulang tonggong téh bakal angger ajeg, moal condong ka hareup atawa cuet ka hareup. Ieu téh nurutkeun pamanggihna para ahli kaséhatan ti Barat.

Katilu, calik anu saperti kitu, upama dihubungkeun jeung barangtuang. Kusabab kadut urang mah sipatna téh ajeg atawa pertikal, nya geus pasti bakal ngalancarkeun kadaharan. Éta anu kahiji anu ditalungtik ku maranéhna téh.

Anu kaduana Kangjeng Rosul ogé ngadawuh, upama maranéh dahar poma ulah wareg teuing, sapertilu keur dahareun, sapertiluna deui keur nginum jeung sapertiluna deui keur ngambekan, ulah nepi ka kieu, dua pertilu keur dahar, sapertilu keur nginum, ari keur ngambekan. Tétéla tuangna anu dibiasakeun ku Kangjeng Rosul téh bakal ngalancarkeun usus dua belas jari jeung bakal ngalancarkeun pencernaan katut BAB alias Buang Air Besar. Sabab lamun barang tuang henteu dihubungkeun sareng conto Rosulullóh SAW, sunnah Kangjeng Rosul, éta bakal ngabalukarkeun héséna BAB, sabab katuangan anu dipepekkeun ku alatan loba teuing saperti dua pertilu, atawa opat perlima ari caina ukur dua nepi ka tilu regot. Geus tangtu cai anu ukur dua nepi ka tilu regot téh moal bisa ‘mencerna’ kana katuangan anu di giling ku usus dua belas jari anu aya dina awak urang, sabab kurang téa. Naon pangna Kangjeng Rosul nyebatkeun yén nginum téh kudu sapertilu, tétéla éta saimbang jeung katuangan anu dituang ku urang anu jumlahna sapertilu téa. Nepi ka dina pencernaan babari, atuh nalika digiling dina usus dua belas jadi ogé babari pisan, margi caina cekap nepi ka bubuang ogé lancar.

Ari urang mah, dahar téh apan satungtung beuteung acan saperti irung mah bakal terus didedetan nepi ka beuteung téh nampuyak.

Bandungan deui pidawuh Rosul anu sanésna, nyaéta dina nalika ngaleueut téh ulah ngaleklek tapi kedah saregot-saregot. Tétéla kabuktosan, yén ngaleueut anu ngaleklek téh henteu diserap ku awak, sawangsulna nginum anu saregot-saregot mah diserap ku awak sakabéhna.

Lamun urang sok ngabiasakeun nginum bari ngaleklek, nya bisa baé awak téh badag tapi ngagebog, sabab cai henteu kaserep ku awak. Kusabab cai henteu kaserep, antukna getih ogé ngocor dina jero awak ogé rada seuseut jeung pered kulantaran henteu aya anu ngadorongna nyaéta serapan cai téa.

Jadi ka pamiarsa  hayu urang biasakeun ku urang sadaya kabiasaan-kabiasaan ngaleueutna kangjeng Nabi, saregot lirén, saregot lirén, saregot lirén tah kitu carana kangjeng Rosul dina ngaleueut. *** 

Opat Ciri Kiamat


OPAT CIRI KIAMAT

(Ust. U. Suherdar, M.Ag)

“Satemenna di antara ciri kiamat: Dimana geus leungit élmu, maneuhnana kabodoan, diinumna arak jeung maceuhna perjinahan. (HR Bukhari ti Anas bin Malik)”

«إِنَّ مِنْ أشْراطِ الساعةِ أنْ يُرْفَعَ العِلم، وَيَثْبُتَ الجهلُ، وَيُشْرَبَ الخَمْرُ ، وَيَظْهَرَ الزِّنا»  البخارى

Satemenna di antara ciri kiamat: Dimana geus leungit élmu, maneuhnana kabodoan, diinumna arak jeung maceuhna perjinahan. (HR Bukhari ti Anas bin Malik)

A. Syarah Mufrodat.

Inna min asyrâthi ti antara ciri-ciri assâ’ati kaancuran atawa kiamatna hiji komunitas atawa masarakat. Ayyurfa’a al’ilmu dileungitkeunana élmu, wa yatsbuta aljahlu sarta dipikarespna kabodoan, wa yutsrobu jeung diarinumna alkhomru arak jeung sabangsana , wa yadhharu azzina jeung mahabuna perjinahan.

B. Syarah Matan.

1. Dina Bina Da’wah Édisi Maret 2011 dipedar hadits anu patali jeung kiamat Sosiaologis, ancurna tatanan kahirupan masarakat. Aya dua rupa  Assâ’ah (kiamat) : Kahiji, Kiamat Astronomis nyaéta ancurna bumi jeung planét-planét séjénna anu dijelaskeun dina sababarha surat dina Al Quran anu sok disebut Qiyamah Kubro. Waktu ancurna alam jagat teu aya anu dibéré nyaho kaabus Kangjeng Nabi SAW katut Malaikat Jibril saperti dina gunem catur dina hadits Bukhori  sarta dikuatan ku katerangan surat Luqman ayat pamungkas. Kadua, Kiamat Sosial nyaéta ancurna tatanan hubungan papada manusa. Diantara ciri kiamat Sosiologis: Kahiji, lamun hamba sahaya ngalahirkeun dunungan. Hamba sahaya téh jalma anu gawé tihothat tapi teu meunang pangajén ti jalma anu dibélaanana. Indung anu tihothat ngurus anu jadi anak malah anu jadi anakna teu maliré ka nu jadi kolotna, murid campelak ka nu jadi guru, guru ngarogahala anu jadi murid, rahayat teu hormat ka pamingpin lantaran pamingpin gawéna nipu rahayat. Sakabéhna ngagambarkeun kiamat (ancurna) komunikasi tatanan sosial. Kadua, Lamun budak angon paluhur-luhur ngawangun gedong. Honor budak angon mah lamun jujur moal mungkin bisa ngawangun gedong sigrong. Anu ngaraning si Gayus pagawé nagri golongan handap tapi gajihna alahbatan pengusaha lantaran manéhna mah diangon ku dununganana sangkan maling. Lamun pajak dimanipulasi ku pagawéna nagara bakal bangkrut. Katilu. lamun hiji urusan dipasrahkeun ka nu lain ahlina nya dagoan assa’ah (kaancuran). Kiwari loba pamingpin kajajadén lain boga élmu jeung ahlak tapi lantaran boga duit keur nyogok anu milih. Nalika jadi pamingpin téh lain ngabéla rahayat tapi bibilintik jeung ngagalaksak duit nagara kumaha sangkan modalna balik deui anu jadi korbanna mah geus tangtu rahayat anu leutik.

2. Dina hadits di luhur dijéntrékeun aya opat ciri kiamat Sosisologis :

a. Leungitna élmu. Anu dimaksud lain sagawayah élmu tapi élmu anu pakait jeung kaimanan. Bisa jadi leungitna élmu dilantarankeun ku maraotna para ulama sarta hésé néangan gantina, malahan para putra ulamana ogé geus teu kabitaeun jadi ulama sarta barudak awéwéna ogé dikawinkeunanana lain ka calon ulama tapi leuwih milih sarjana jeung pangusaha lain santri calon ulama. Paguron luhur tiap taun ngawisuda pikeun ngalahirkeun sarjana, tapi sarjana anu ulama hésé ditéanganana. Tetempoan kaum muslimin geus kapangaruhan ku budaya hédonestik anu nganggap harta jeung matéri jadi udagan saperti dina iklan susu ‘yang penting énak. Lamun anu ngamumulé nurani ummat geus leungit bakal kajadian saperti langlayangan pegat bakal hiber kumaha arah angin, ummat bakal lésot jeung ruksak jadi korban politik , dialeut-aleut sina démo diadu jeung aparat keamanan padahal mah sagala pasualan bisa diréngsékeun ku cara dialog.

b. Maneuhna kabodoan. Ciri kiamat anu kadua dina hadits di luhur akibat tina leungitna sumanget nyiar élmu nya anu bakal mucunghul téh maneuhna kabodoan jalma geus teu resep diajar tapi resepna téh hiburan, seuseurian, nongton jeung balakécrakan. Lamun milih pamingpin pasti milih anu deukeutna kana eusi beuteung geus teu maliré kana kualitas laku lampah jeung ahlak, yang penting énak. Ciri kiamat anu kadua mah lamun otak geus teu jalan pikeun ngaréngsékeun pasualan ummat tapi ngaréngsékeunana ku pendekatan sospol alias sosorongot jeung popolotot nu ngakibatkeun ancurna duduluran.

c. Ngarinum Arak. Ceuk Mendagri mah arak téh kabagi tilu : golongan A lamun alkoholna kurang ti 5%, golongan B antara 5% nepi ka 10 % sarta golongan C mah ti 20% kaluhur. Pamaréntah Daérah nyieun Perda Minuman Keras pikeun nangtayungan masarakatna  anu eusiana sakabéh minuman keras teu meunang dijual bebas di masarakat tapi ditempat husus pikeun jelema kapir anu biasa mabok. Kahuruan pasar atawa imah teu ujug-ujug ngagedur tapi mimitina mah tina pepentul korék api anu leutik tapi bisa ngaduruk pasar anu ngajungkiring. Kamaksiatan, rék mabok, jinah atawa korupsi mimitina mah tina leuleutikan heula. Lamun arak geus dilégalkeun naon waé jeung kumaha waé wujudna nya ieu nagri téh geus kiamat sosial tinggal dagoan kaancuran bangsa anu leuwih rongkah. Komo lamun dibarengan ku mabok pulitik geus teu apal tincakeun hirup, halal haram geus teu jadi pertimbangan.

d. Mahabuna perjinah. Mahabuna perjinahan akibat tina  leungitna kaimanan. Jalma geus teu sieun ditibanan bebendon ku Allah SWT. Lamun tatanan rumah tangga geus ancur anu muncul perselingkuhan jeung perjinahan. Lamun prostitusi geus dilégalkeun bakal loba barudak lahir anu cacat atawa dipaéhan anu kadituna ngundang bebendon Allah SWT. *** 

Kaderisasi Ulama Ngojot, Elmu jeung Pendidikan Morosot



Dina ajaran Islam, posisi ulama kacida istiméwana. Ulama hiji-hijina jajaran umat Islam anu disebut ku Rosulullah salaku jalma anu narima tur neruskeun warisan ajaran para nabi. Kusabab boga posisi anu penting, Allah nerangkeun yén ulama boga darajat anu luhur (QS 58: 11). Allah SWT ogé ngajéntrékeun yén ulama jadi jalma anu méré kasaksian ngeunaan kaésaan Allah (QS 3: 18). Puncakna, ulama disebut ku Allah salaku hiji-hijina jalma anu sieun ka Anjeunna.

Kusabab jadi jalma anu neruskeun perjuangan para nabi, ulama sok mintonkeun diri salaku pejuang sarta anu ngabéla agama Islam. Alat anu dijadikan pakarang anu dipaké ku ulama pikeun ngabéla agama Islam lain bedil atawa bom, tapi élmu. Hal éta saluyu jeung katerangan Rosulullah SAW yén anu diwariskeun ku para nabi téh lain dinar atawa dirham, tapi élmu. Hal éta nandeskeun yén masalah élmu dina ajaran Islam mangrupakeun masalah anu penting pisan. Kusabab anu jadi senjata téh élmu, hirup jeung waktu ulama loba dibéakeun pikeun hal-hal anu aya pakuat-pakaitna jeung élmu.

Salian élmu anu luhung, akhlak ulama gé sarua luhungna. Akhlak jeung élmuna saluyu. Euweuh nu papalimpang tina salah sahijina. Saperti urang bisa maca sejarah hirupna dina buku-buku tarajum, thabaqat, tarikh, jeung sirah. Hirup ulama loba anu zuhud, wara, soléh, tur osok ngajaga anggang jeung panguasa. Malahan, loba ulama anu nolak jabatan tur harta anu dibéré ku panguasa. Teu saeutik anu milih disiksa atawa dibui gara-gara boga pamadegan anu béda jeung pamaréntah.

Tah jiga kitu sajarah ulama urang baheula téh. Kumaha sajarah ulama jaman ayeuna? Malahan, dina pertanyaan anu rada ékstrim, naha jaman kiwari aya kénéh jalma anu bisa disebut ulama? Sabab, leungitna ulama dina kahirupan urang lain hal anu leutik, tapi hal anu kacida penting. Dina salah sahiji hadits Rosulullah ngajéntrékeun yén lobana kabodoan dina kahirupan manusa téh lain pedah manusa teu boga élmu, tapi Allah geus nyabut nyawa ulama hiji-hiji. Dina kaayaan kawas kitu manusa ahirna loba ngangkat “ulama palsu”. Ngan kusabab teu boga élmu anu bener, ulama palsu mah lain méré hidayah ka manusa, tapi kalah méré kasasaran.

Hal éta ditandeskeun ku Ustadz Miftah Faridl. Ustadz Miftah ngajéntrékeun, “Terus terang, sim kuring hariwang ku posisi ulama jaman kiwari. Geus loba anu maraot. Kaayaan éta moal bisa ditahan-tahan ku urang. Tapi, kaderisasi ulama justru kurang dipilampah. Malahan, urang bisa ngabandungan, loba ulama anu ninggalkeun umat, atawa ditinggalkeun ku umat.”

Ustadz Miftah ogé ngarasa sedih ku kharismatik ulama jaman ayeuna. “Salah sahiji anu jadi ukuran nyaéta karya anu pinunjul. Ulama baheula loba karya anu luhung tur monuméntal. Ulama baheula daria ku tugas kaulamaanna. Imam Malik jeung Imam Ahmad bin Hanbal nolak jadi pajabat nagara. Duanana fokus kana kaulamaan nepika bisa ngalahirkeun karya-karya kualitasna luhung. Buktina, nepi poé ieu, buku anu ditulis ku aranjeuna masih kénéh bisa dibaca ku manusa jaman ayeuna”.

Pendidikan Sakuduna Ngalahirkeun Ulama
Ngalahirkeun ulama unggul kelas Imam Syafii, Ahmad bin Hambal, Al-Ghazali, Ibnu Taimiyah, jeung sajabana, lain pagawéan anu gampang saperti malikkeun dampal leungeun, tapi éta téh pagawéan anu panjang pisan. Ulama anu jiga kitu teu bisa dilahirkeun sapoé dua poé jiga ajang pencarian bakat anu néangan calon penyanyi, pamaén sinétron, atawa hal-hal séjén anu merhatikeun fisik manusa wungkul. Tapi, ulama jiga kitu kudu dilahirkeun ngaliwatan perjalanan anu panjang. Hiji-hijina tempat anu pas pikeun ngalahirkeun ulama anu unggul nyaéta pendidikan.

Dina pendidikan Islam, hal-hal anu aya pakuat-pakait jeung otoritas guru, adab néangan élmu, tujuan néangan élmu, rupa-rupa élmu anu kudu ditéangan, jeung sajabana, diterangkeun écés pisan saluyu jeung pandangan hirup Islam (islamic worldview). Pendidikan jiga kitu anu baheula kungsi ngalahirkeun ulama kuat anu ngabéla Islam ku élmu.

Anu jadi panalék urang ayeuna, kira-kira pendidikan umat Islam ayeuna jiga kumaha? Naha pendidikan urang geus bisa ngalahirkeun ulama-ulama saperti Imam Syafii, Al-Ghazali, jeung Ibnu Taimiyah? Atawa sabalikna, pendidikan umat Islam jaman kiwari jauh dina kualitas idéal nepi ka teu mampuh ngalahirkeun ulama anu unggul dina bagbagan élmu?

Jaman kiwari, mayoritas umat Islam geus salah dina ngahartikeun pendidikan. Aya anu boga pamadegan yén pendidikan téh kelas, bangku, gedong anu bertingkat, jeung sajabana. Aya ogé anu boga pamadegan yén pendidikan téh ijazah jeung gelar akademik ti mimiti S1, S2, nepika S3. Ku pamadegan kitu, anu disebut “manusia berpendidikan” téh nyaéta jalma anu lulus ti bangku kelas jeung boga gelar S1, S2, nepi S3. Henteu anéh, kusabab hayang jadi “manusia berpendidikan”, loba jalma anu boga tujuan ngan saukur ngudag gelar akadémis. Sanajan kudu diudag ku cara-cara anu teu berpendidikan. Malahan, anu leuwih parna, loba jalma anu ngudag hal-hal éta ku jalan anu henteu berpendidikan. Akibatna, loba jalma anu gelarna panjang, tapi kualitas élmuna teu sabanding jeung gelarna. Jalma jiga kitu teu kungsi nulis, teu boga karya gedé, jeung sajabana. Jalma jiga kitu mah jauh pisan lamun dibandingkeun jeung Imam Syafii, Al-Ghazali, atawa Ibnu Taimiyah.

Sabab paling gedé anu ngajadikeun pendidikan urang hésé ngalahirkeun ulama nyaéta masalah liberalisasi. Hal éta dibenerkeun ku Prof. Dr. Syihabudin. Guru besar ti Universitas Pendidikan Indonésia (UPI) éta ngajelaskeun, “Liberalisasi pendidikan geus nerekab kana dunia pendidikan. Salah sahijina sekolah tinggi anu jadi universitas. Hal anu jadi ciri khas lembaga pendidikan tinggi kudu disaluyukeun jeung standar internasional”.

Salian masalah liberalisasi, aya masalah séjén anu ceuk Syihabudin jadi masalah dina pendidikan urang, nyaéta kaom élmuwan anu jadi tukang dagang téori-téori Barat. “Élmuwan jadi tukang dagang téori Barat. Loba dosén anu ngadagangkeun faham-faham asing. Maranéhna ngarasa alus lamun nyutat téori ti Barat”.
Anu leuwih bahaya sabenerna mah liberalisasi kaélmuan, kaasup liberalisasi anu meuweuh di kampus-kampus anu boga labél Islam. Satungtung ieu liberalisasi kaélmuan geus gagal ngalahirkan ulama. Liberalisasi ngan ngalahirkeun tukang kritik Islam (dékonstruksi) wungkul, lain ulama anu ngabéla Islam ku élmu. Tukang kritik kitu boro-boro pantes disebut ulama anu sarua jeung Imam Syafii, Al-Ghazali, Ibnu Taimiyah, jeung sajabana. Tukang kritik kitu leuwih pas disebut ulama palsu. Ulama anu disebut ku Rosulullah SAW salaku pamimpin-pamimpin bodo, palsu, sasar jeung nyasarkeun umat. Teu anéh lamun tukang kritik Islam jeung ulama palsu jiga kitu wani ngahalalalkeun anu diharamkeun atawa ngaharamkeun anu dihalalkeun ku Allah. Kabeneran, kasalahan, pituduh, jeung kasasaran bisa jadi abu-abu dumasar pamadegan ulama palsu jeung sasar mah. Sabab, dumasar pamadeganana, euweuh jalma anu apal kabeneran. Anu apal kabeneran mah ngan Allah. Kusabab kitu, kabéh bebeneran sipatna rélatif, bisa bener bisa salah. Lamun kabéh rélatif, pikiran ulama palsu jeung sasar ogé atuh rélatif, teu pasti bener. Kusabab kitu, pikiranna teu bisa dijadikan pamadegan ku urang.

Karuksakan jiga kitu tacan ditambah ku tujuan-tujuan sékular anu aya dina pendidikan. Jalma anu hayang sakola téh pedah tujuanna hayang meunang gaji gedé tur jadi Pegawai Negeri Sipil (PNS). Akibatna, lamun tujuan-tujuan éta geus dipiboga, loba jalma “berpendidikan” anu eureun néangan élmu. Boro-boro pikeun maca jeung nulis karya ilmiah, ngan saukur maca wungkul gé geus ngedul. Akibatna, élmuna teu nambahan.

Karuksakan Élmu.
Dina salah sahiji bukuna, Prof. Syéd Muhammad Naquib Al-Attas kungsi nulis, yén tangtangan pangbeuratna anu disanghareupan ku umat Islam jaman ayeuna nyaéta tangtangan élmu, tapi lain élmu dina harti ngalawan buta huruf, tapi élmu anu dipaham ku pandangan hirup Barat jeung disebarkeun ku Barat ka peradaban manusa. Prof. Al-Attas nulis, I venture to maintain that the greatest challenge that has surreptitiously arisen in our age is the challenge of knowledge, indeed, not as against ignorance; but knowledge as conceived and disseminated throughout the world by Western civilization”.

Dina ajaran Islam, élmu boga posisi anu kacida pentingna. Islam ngajarkeun élmu kaasup bagian agama jeung agama bagian tina élmu. Dua hal éta teu bisa dipisahkeun. Malahan, dua hal éta anu jadi sabab peradaban Islam unggul. Peradaban Islam nyaéta peradaban élmu jeung agama sakaligus. Peradaban jiga kitu anu baheula kungsi jadi eunteung dunia salila sababaraha abad-abad.

Hal jiga kitu béda pisan jeung kabiasaan anu aya dina peradaban Barat. Ceuk masarakat Barat, élmu jeung agama téh dua hal anu béda. Agama lain bagian tina élmu, élmu ogé lain bagian tina agama. Kusabab kitu, dina sajarah peradaban Barat, élmu jeung agama sok silih paéhan jeung silih perangan. Dina abad pertengahan, upamana, kepausan (papacy) kungsi ngadegkeun hiji lembaga anu ngaranna inquisition. Lembaga éta téh pangadilan anu boga tugas ngadilan jeung nyiksa kaom élmuwan. Pikeun jaman harita, kaom élmuwan diperangan ku kakawasaan Gereja kusabab geus milampah pagawéan anu disebut heresy (bid’ah).
Adian Husaini ngabenerkeun pamadegan Prof. Al-Attas. Dumasar pamadeganna, “Masalah paling penting jaman kiwari nyaéta ngeunaan karuksakan élmu. Masalah politik anu teu kungsi anggeus masalahna di mana? Padahal pangawasa muslim, gubernur muslim, mayoritas padumuk muslim. Tapi, kunaon masalah kalah tambah loba? Jawabanna kusabab élmu”.

Adian nyontokeun pelajaran sejarah anu geus ruksak. “Kakacowan élmu bisa ditinggali dina élmu sajarah. Dina sajarah disebutkeun yén amal manusa bisa ditéangan dina asal-usul tulang. Padahal manusa téh lain ngan saukur kulit, daging, jeung tulang. Manusa boga akal jeung jiwa. Lamun ngan saukur ngomongkeun tulang, éta lain sajarah manusa, tapi sajarah tulang”, ceuk Ketua Program Studi Pendidikan Islam Universitas Ibnu Khaldun Bogor.

Karuksakan élmu jelas lain ngan ngait élmu sajarah wungkul, tapi élmu-élmu séjén ogé geus kabaud. Salah sahiji virus anu ngaruksak élmu-élmu téh nyaéta sékularisme. Paham anu ngamusuhan kabéh agama téh nyusup kana élmu-élmu nu aya. Leuwih parnana, kasalahan téh terus dilarapkeun dina sistem pendidikan. Hal éta anu antukna nyababkeun peradaban Islam teu maju-maju. Padahal, unggal taun perguruan-perguruan tinggi urang loba anu ngaluluskeun ahli-ahli dina widang kadokteran, pulitik, ékonomi, psikologi, pendidikan, linguistik, seni, jeung sajabana.

Selengkapnya, silahkan miliki majalah Islam bahasa Sunda Bina Da’wah edisi Juni 2012, dapatkan di agen atau dibagian sirkulasi Jl. Pungkur No. 151 Bandung

Jauw Fok Joe, Ahok Jeung Basaria Panjaitan; Dina Pusaran Korupsi Sumber Waras

ahok-koruptor
KPK anu salila ieu dielu-elukeun minangka manusa satengah déwa pemberantas korupsi di tanah air téh nyatana mah ngan bulsit alias bohong bin wadul. KPK kakara tanginas tur sumanget nalika aya pajabat muslim kajiret korupsi najan nilaina ngan saeutik. Tapi nalika anu kajiretna pajabat non muslim, KPK mémblé ngusutna ogé daék-daék hanteu-hanteu. Saperti anu kajadian dina kasus korupsi Rumah Sakit Sumber Waras.

KPK meni talangké, lélét atawa mémblé dina ngungkulan skandal pembelian lahan RS Sumber Waras atawa Sumber Waras Gate ku pamaréntah provinsi DKI Jakarta. Padahal, dumasar audit BPK, ieu kasus ngarugikeun Nagara nepika Rp. 191 miliar.

Naha KPK ngepér alias sieun? Ieu nimbulkeun loba spékulasi. Ngan dumasar kana pemberitaan situs portal berita bisnis, nyatana aya keterlibatan tokoh istana dina ieu skandal. Éta Tokoh téh nyaéta Jan Darmadi (Jauw Fok Joe) anu kiwari jadi anggota Wantimprés.

Jan Darmadi (Jauw Fok Joe) téh anggota Déwan Pertimbangan Présidén (Wantimprés) 2015-2019 anu dilantik Présidén Joko Widodo dina 20 Januari 2015. Jan kalibet dina kasus pembelian tanah éta kusabab nalika kajadian transaksi manéhna minangka Ketua Umum Yayasan Keséhatan Sumber Waras.

Bareng jeung Kartini Mulyadi, anu ngajabat minangka ketua yayasan, Jan nanda-tangan surat penawaran tanah anu disodorkeun ka Gubernur DKI Jakarta Basuki ‘Ahok’ Tjahaja Purnama. Jan jeung Kartini mangrupa tokoh senior anu jadi panutan pikeun kalangan keturunan China kusabab kesuksésanana. Kaasup suksés dina ngagarong duit Nagara.

Surat anu ditéken duét Jan jeung Kartini téh dibikeun ka Engko Ahok 7 Juli 2014, kalawan tawaran harga Rp. 755,69 miliar. Euweuh pengecékan ka lapangan saperti lazimna hiji penawaran, isukna dina tanggal 8 Juli, Ahok langsung maréntahkeun ka Kepala Bappeda DKI (anu ayeuna dijadikeun calon Wakil Gubernur wakil Ahok) pikeun nganggarkeun pembelian tanah éta dina APBD-P DKI 2014.


Basaria Panjaitan Pelindung Koruptor.

Wakil Ketua KPK Basaria Panjaitan tanginas buru-buru nyieun statemén yén dina kasus pembelian lahan Rumah Sakit Sumber Waras lain korupsi. Hartina KPK nyalahkeun BPK.  Atawa KPK rék nyalametkeun Engko Ahok jeung Engko Jan?

Tanpa préstasi anu luar biasa, Basaria Panjaitan jadi polisi wanita kahiji anu nyandang pangkat bintang dua alias Inspéktur Jénderal. Wanita Batak kelahiran Pematang Siantar, Sumatera Utara, dina 1957 ieu ogé mangrupa wanita pertama anu kapilih jadi Komisionér KPK (Komisi Pemberantasan Korupsi). Hébat pisan.

Tapi lamun ditalungtik, nyatana Basaria biasa-biasa baé. Teu aya préstasi anu punjul. Malah sanggeus boga pangkat Birgjén, karirna salaku pulisi saolah-olah mentok. Manéhna kungsi lima taun manggul pangkat bintang hiji. Kacirina Basaria bakal berahir di dinya. Tapi karirna ujug-ujug moncorong sanggeus kabinét anyar dibentuk ku présidén terpilih Joko Widodo alias Jokowi. Di jero kabinet aya Luhut Panjaitan, dulur samarga Basaria, anu ngajabat Menkopolhukam.

Lain éta wungkul. Luhut téh sobat dalit kulawarga Présidén Jokowi anu baheulana nyaéta pedagang meubel di Solo. Malah sacara haharwosan sering kadéngé berita yén Luhut Panjaitan anu saenyana ngadalikeun pamaréntahan ayeuna. Mungkin kabar éta dileuwih-leuwihkeun teuing. Tapi anu pasti, Luhut jeung Jokowi mémang geus lila boga hubungan deukeut.

Nya Oktober anu kaliwat, pangkat Basaria ogé naék jadi Inspéktur Jénderal Polisi. Teu cukup sakitu. Ngan dina waktu dua bulan, Desémber kaliwat, Basaria kapilih jadi Wakil Ketua Komisi Pemberantasan Korupsi (KPK). Manéhna jadi wanita pertama di republik ieu anu jadi Wakil Ketua di lembaga pemberantas korupsi anu ngadeg dina jaman Keprésidénan Mégawati Soekarno Putri, taun 2000-an.

Ku konstélasi kawas kitu, Basaria ogé kaciri boga pangaruh jeung kuasa besar di KPK. Buktina, Basaria wani nyieun pernyataan pérs pikeun nétélakeun yén teu ditemukeun tindak korupsi dina kasus pembelian lahan Rumah Sakit Sumber Waras ku Pemda DKI Jakarta.

Basuki Tjahaja Purnama alias Ahok, Gubernur Jakarta, dianggap nyaho jeung kabaud dina pembelian lahan anu nurutkeun pemeriksaan BPK (Badan Pemeriksa Keuangan) ngarugikeun keuangan Pemda DKI anu gedéna Rp. 191 milyar. Ku kabaudna dina perkara korupsi éta, Ahok tangtu bakal kahalang pikeun nyalonkeun deui dirina minangka Gubernur Jakarta. Malah salah-salah Ahok bisa asup bui. Ayeuna Basaria Panjaitan nyalametkeun manéhna.

Padahal kasus ieu kabongkar berkat hasil pemeriksaan atawa audit anu dilakukeun ku BPK. Hartina, ieu lain kasus heuheureuyan. Malahan Gubernur Ahok kungsi dipariksa BPK dina tanggal 23 Novémber 2015. Tina éta pamariksaan katohyan lamun Gubernur Ahok turut bertanggung-jawab kana pembelian lahan ku Pemda DKI kalayan ngagedékeun harga (mark-up) tanah. Komo kanyahoan Gubernur Ahok wanoh akrab jeung Nyonya Kartini Mulyadi, Ketua Yayasan Rumah Sakit Sumber Waras, pemilik lahan anu dibeuli ku Pemda DKI pikeun lokasi pangwangunan Rumah Sakit Jantung.

Buyut Ahok Nepika Kawan Ahok.

Dina 7 Desémber 2015, BPK masrahkeun kasus ieu ka KPK. Perlu diingetan yén BPK mangrupa hiji-hijina auditor Nagara anu ditunjuk UUD 1945.

Pengurus KPK waktu harita geus mempelajari ieu perkara. Salah saurang Wakil Ketua KPK malahan kungsi ngungkapkeun ka Wakil Ketua DPR-RI Fadli Zon (saperti diungkapkeun ku Fadli Zon ka pérs), yén Gubernur Ahok terlibat dina korupsi jual-beli lahan Sumber Waras. Tapi Ahok can sempet dinyatakeun salaku tersangka. Soalna, masa jabatan pengurus KPK berakhir jeung waktu harita geus dipilih pengurus KPK anu anyar ku DPR-RI.

Anéhna ayeuna Wakil Ketua KPK anu anyar Basaria Panjaitan wani nétélakeun ka wartawan yén teu kapanggih unsur korupsi dina kasus lahan Rumah Sakit Sumber Waras. Hartina, Gubernur Ahok ogé terbébas tina perkara korupsi. Hartina, Ahok bisa nyalonkeun diri salaku Gubernur Jakarta berkat Basaria Panjaitan.

Pertanyaanna ayeuna, Naha Basaria Panjaitan bet nyalametkeun Ahok? Naha kusabab motif SARA (suku, agama, rasial, antar-golongan), atawa motif séjén? Kabeneran Ahok jeung Basaria Panjaitan sasama penganut Kristen? Tapi kacirina aya alesan anu séjén.

Teu meunang dipopohokeun yén Ahok berteman jeung Présidén Jokowi. Duanana nyaéta pasangan calon Gubernur jeung Wakil Gubernur DKI Jakarta anu kapilih dina pemilihan kepala daérah (Pilkada) DKI Jakarta dina 2012. Terus sanggeus Jokowi kapilih jadi présidén, Ahok ogé naék jadi Gubernur Jakarta. Nya manéhna néangan alesan pikeun ngundurkeun manéhna ogé néangan alesan pikeun ngundurkeun diri ti Partai Gerindrai. Mémang saméméhna Ahok geus sababaraha kali gunta-ganti partéy. Katénjona dina pangdeuleu Ahok partéy-partéy ukur dimangpaatkeun luyu jeung kapereluan katut kauntungan pribadina.

Aya anu boga pamanggih yén Présidén Jokowi pisan babaturan dalitna Luhut Panjaitan boga jasa alus nyalametkeun Ahok tina jiretan perkara korupsi pembelian lahan Rumah Sakit Sumber Waras anu keur diusut KPK.

Lamun berita ieu bener tanwandé ieu kabéh teu meunang diantep. Korupsi mangrupa masalah gedé anu ayeuna ngagorogotan bangsa Indonésia. Rahayat miskin hésé nyiar rejeki unggal poé ngan pikeun néangan sesuap nasi, bari para pejabat hirup méwah ku duit jarahan korupsi. Jeung ieu kajadian nalika Indonésia digembar-gemborkeun geus asup kana sistem Nagara démokratis.

Geus lain rasiah deui lamun pemiliihan Kepala Daérah ti mimiti Bupati nepika Gubernur mangrupa ajang korupsi gedé-gedéan. Dana puluhan nepika ratusan milyar dibéakeun ku unggal calon dina pilkada, lamun hayang kapilih. Dana éta pikeun ngabiayaan Tim Suksés, kampanye, jeung malahan pikeun méré amplop pikeun rahayat anu milih.

Naha kasus Sumber Waras kajadian kusabab Ahok keur siap-siap nyanghareupan pemilihan Gubernur Jakarta? Komo deui Ahok bakal maju ngaliwatan jalur indepénden, lain partéy politik saperti nalika manéhna jeung Jokowi baheula kapilih. Kukituna Ahok pasti butuh dana anu leuwih gedé. Buyut Ahok, Incu Ahok, Anak Ahok, atawa Batur Ahok, atawa naon waé ngaranna mah, bakal kampanye ngameunangkeun Ahok. Jeung maranéhna anu can boga pangalaman pasti kabéhanana butuh dana anu leuwih gedé. *** (MAF/BD)

KH. Bahrul Hayat : GLBT, Penyimpangan Perilaku Séks

Image result for LGBT
LGBT téh lain singkatan tina Lieur, Gélo, Belegug jeung Teu Eucreug atawa Linglung, Gendeng, Bégo dan Tak Waras atawa Laki-laki Ganteng Bininya Tiga, tapi wancahan tina Lésbian, Gay, Biséks jeung Transgénder. Lésbian, awéwé bogoh (resep) ka awéwé. Gay hartina lalaki bogoh ka lalaki. Biséx, resep ka lalaki ogé resep ka awéwé. Transgénder mah banci alias khuntsa. Jadi LGBT téh nyaéta “penyimpangan perilaku séks”, nu teu dilakukeun ku mahluk séjén saperti ucing, anjing, domba, embé, sapi atawa kebo, kajaba babi. Dina wangkongan ieu mah urang mimitian ku GAY, jadi GLBT.

GAY téh Homoséksual téa, lalaki bogoh ka lalaki. Mun di-Indonésia-keun atawa di-Sunda-keun mah Gay téh Homoséx anu sok ngalakukeun lampah-lampah séx anu méngpar anu kajadian dina jaman Nabi Luth AS. Kapan harita téh, opat malaikat anu sumping ka Nabi Luth AS, diutus ku Alloh SWT ngarupakeun jalma-jalma anu karasép garanteng, ngan ku garwa Nabi Luth AS dibéjakeun ka para Gay, “Euy, di imah urang aya lalaki opat, karasép”, cék garwa Nabi Luth AS ka pingpinan Gay. Breng wé maranéhna daratang ka bumi Nabi Luth AS, dugika Nabi Luth AS kacida reuwasna bari pok nanya ka para Gay, “Rék naon maranéh ka dieu?” Cék para Gay harita, “Kadieukeun éta tamu andika, kami geus teu kuat”. Saur Nabi Luth AS, “Cik atuh sing baroga cedo, éta téh tamu kaula. Tuh kaula boga anak awéwé tilu, prak kawarin”. Cék para Gay, “Embung awéwé mah bosen. Hayang éta lalaki anu opatan, kadieukeun”. Teu apaleun yén tamu anu opatan téh malaikat.

Ti baheula kénéh geus ditingalikeun éta lalakon téh ku al-Quran. Nabi Luth AS téh alo Nabi Ibrohim AS anu dibenum ku Alloh SWT janten rosul di daérah Yordan mun kiwari mah. Harita mah ngaranna téh Sodom jeung Ghomoroh. Jadi lalakon Gay téh geus kolot kacida. Ngan kumaha harita? Nya ku Alloh SWT dibalik-lemahkeun. Malaikat anu opatan téa nyarios ka Nabi Luth, “Luth, kerid kabéh anak anjeun jeung pamilon anjeun, kajaba pamajikan anjeun. Sabab pamajikan anjeun bakal kaasup jalma anu dilelepkeun ka jero taneuh”. Beurat-beurat ogé Nabi Luth AS ngalaksanakeun éta paréntah. Ninggalkeun daérah Sodom jeung Ghomoroh. “Tong ngalieuk ka tukang!” Sanggeus jauh ahirna éta opat malaikat ngangkat wilayah Sodom jeung Ghomoroh ka langit laju dibalik-lemahkeun, anu ayeuna jadi Laut Mati.

Jadi, Laut Mati anu ku Alloh SWT disebatkeun dina Surat Adz-Dzariat, “Kami geus ninggalkeun hiji bukti (data anu oténtik) nyaéta hiji tempat (anu disebut Laut Mati ayeuna) pikeun jalma-jalma anu sieun ku siksa Alloh anu kalintang peurihna” téh asalna tina dua daérah anu dibalik-lemahkeun téa. Jadi lamun téa mah urang ngagugu kolompok GBLT anu hayang Undang-undang Pornografi jeung Pornoaksi dijieun Undang-undang Séx Bébas; anu cék Jang Ulil tokoh Liberal “Tuh geuning daérah-daérah anu nyatujuan GBLT teu disiksa ku Alloh”; prak wé dagoan, upama téa mah Alloh SWT ngersakeun pasti nurunkeun azab. Naha éta mah rék sacara pribadi-pribadi atawa rék dikumkeun. Éta mangkeluk téh apan sarua jeung nangtang siksa Alloh SWT.

LÉSBIAN nyaéta awéwé bogoh ka awéwé. Ieu teu bina ti homo atawa Gay. Saperti anu kajadian dina jaman Nabi Luth AS. Kusabab lalaki resep ka lalaki, awéwéna dimomorékeun, atuh awéwéna ogé pipilueun jadi awéwé resep ka awéwé. Spontanitas. Kulantaran lalakina resep ka Gay, nya awéwéna ogé resep ka Lésbi. Duka kumaha? Duka ngadu surabi meureun. Da ari Gay mah liwath téa. Lain perang gobang. Ieu jelas ngarempak hukum atawa katangtuan Alloh SWT.

BISÉKS, nyaéta nyaéta salian ti bogoh (resep) ka lalaki ogé resep ka awéwé. Jeung awéwé sok ngayakeun hubungan pon kitu deui jeung lalaki sok ngayakeun hubungan anu disebut homo téa, atawa liwath cék basa Arab mah. Anu jelas liwath téh haram cék sababaraha agama mah, pon kitu deui anu bisa kabaca ku urang dina kitab-kitab klasik. Lamun téa mah ieu disatujuan, jelas lampah urang geus pasalia jeung kapalay Alloh SWT, nyaéta upama urang nyalurkeun hasrat séksual téh kudu ka lawan jenis, lalaki ka awéwé atawa sabalikna, anu bener-bener disahkeun ku agama.

TRANSGÉNDER mah banci téa. Dina basa Agama mah disebutna khuntsa. Di Saudi Arabia mah kolompok khuntsa téh dibina, disuntikan ku hormon sangkan balik deui kana aslina. Ari di urang sabalikna, lalaki-lalaki anu hayang jadi awéwé téh dioperasi “parabotna”, laju dijadikeun parabot awéwé. Saperti anu ku urang kasaksian. Antukna kumaha? Aya istri ageung pinareupna tapi dina beuheungna aya gondok-lakieun sarta sorana teu siga sora awéwé. *** (Ki Udin/BD)

How To Instal Portable Template Blogger

Image result for portable template
Thank you for Dowloading our free Blogger theme. 
We will recommend  you to open this instruction file in "Word". Designer: http://www.bloggertheme9.com/

Search for the Following Code:
<!-- Customize Navigation Menu Here -->
<li><a href='#'>Blogging</a></li>
<li><a href='#'>Decoration</a>
</li>Replace "#" with your category URL.


Search for the Following Code:
<!-- Page Counter - Edit Number Of Post To Show On Each Page -->
var postperpage=7;
var numshowpage=2;


Search for the Following Code:
<!-- Social Profile Icons -->
<a href='YOUR-FACEBOOK-URL'
<a href='YOUR-TWITTER-URL'
<a href='YOUR-GOOGLE+-URL'
Replace with your profile URL.


Search for the Following Code:
<!-- Show Ads Below Post Title -->
After 'parsing' your ad code paste it below.


How to add Blog posts / categories on Home page?


Edit your Meta Tags:
Search for below lines in HTML
<meta content='type your keyword here' name='keywords'/>
<meta content='Enter Author Name here' name='Author'/>



More Questions?
Frequently Asked Questions
Customize Template & Widget Settings
Purchase footer link removel license: 50% off!