Home » » Opat Ciri Kiamat

Opat Ciri Kiamat


OPAT CIRI KIAMAT

(Ust. U. Suherdar, M.Ag)

“Satemenna di antara ciri kiamat: Dimana geus leungit élmu, maneuhnana kabodoan, diinumna arak jeung maceuhna perjinahan. (HR Bukhari ti Anas bin Malik)”

«إِنَّ مِنْ أشْراطِ الساعةِ أنْ يُرْفَعَ العِلم، وَيَثْبُتَ الجهلُ، وَيُشْرَبَ الخَمْرُ ، وَيَظْهَرَ الزِّنا»  البخارى

Satemenna di antara ciri kiamat: Dimana geus leungit élmu, maneuhnana kabodoan, diinumna arak jeung maceuhna perjinahan. (HR Bukhari ti Anas bin Malik)

A. Syarah Mufrodat.

Inna min asyrâthi ti antara ciri-ciri assâ’ati kaancuran atawa kiamatna hiji komunitas atawa masarakat. Ayyurfa’a al’ilmu dileungitkeunana élmu, wa yatsbuta aljahlu sarta dipikarespna kabodoan, wa yutsrobu jeung diarinumna alkhomru arak jeung sabangsana , wa yadhharu azzina jeung mahabuna perjinahan.

B. Syarah Matan.

1. Dina Bina Da’wah Édisi Maret 2011 dipedar hadits anu patali jeung kiamat Sosiaologis, ancurna tatanan kahirupan masarakat. Aya dua rupa  Assâ’ah (kiamat) : Kahiji, Kiamat Astronomis nyaéta ancurna bumi jeung planét-planét séjénna anu dijelaskeun dina sababarha surat dina Al Quran anu sok disebut Qiyamah Kubro. Waktu ancurna alam jagat teu aya anu dibéré nyaho kaabus Kangjeng Nabi SAW katut Malaikat Jibril saperti dina gunem catur dina hadits Bukhori  sarta dikuatan ku katerangan surat Luqman ayat pamungkas. Kadua, Kiamat Sosial nyaéta ancurna tatanan hubungan papada manusa. Diantara ciri kiamat Sosiologis: Kahiji, lamun hamba sahaya ngalahirkeun dunungan. Hamba sahaya téh jalma anu gawé tihothat tapi teu meunang pangajén ti jalma anu dibélaanana. Indung anu tihothat ngurus anu jadi anak malah anu jadi anakna teu maliré ka nu jadi kolotna, murid campelak ka nu jadi guru, guru ngarogahala anu jadi murid, rahayat teu hormat ka pamingpin lantaran pamingpin gawéna nipu rahayat. Sakabéhna ngagambarkeun kiamat (ancurna) komunikasi tatanan sosial. Kadua, Lamun budak angon paluhur-luhur ngawangun gedong. Honor budak angon mah lamun jujur moal mungkin bisa ngawangun gedong sigrong. Anu ngaraning si Gayus pagawé nagri golongan handap tapi gajihna alahbatan pengusaha lantaran manéhna mah diangon ku dununganana sangkan maling. Lamun pajak dimanipulasi ku pagawéna nagara bakal bangkrut. Katilu. lamun hiji urusan dipasrahkeun ka nu lain ahlina nya dagoan assa’ah (kaancuran). Kiwari loba pamingpin kajajadén lain boga élmu jeung ahlak tapi lantaran boga duit keur nyogok anu milih. Nalika jadi pamingpin téh lain ngabéla rahayat tapi bibilintik jeung ngagalaksak duit nagara kumaha sangkan modalna balik deui anu jadi korbanna mah geus tangtu rahayat anu leutik.

2. Dina hadits di luhur dijéntrékeun aya opat ciri kiamat Sosisologis :

a. Leungitna élmu. Anu dimaksud lain sagawayah élmu tapi élmu anu pakait jeung kaimanan. Bisa jadi leungitna élmu dilantarankeun ku maraotna para ulama sarta hésé néangan gantina, malahan para putra ulamana ogé geus teu kabitaeun jadi ulama sarta barudak awéwéna ogé dikawinkeunanana lain ka calon ulama tapi leuwih milih sarjana jeung pangusaha lain santri calon ulama. Paguron luhur tiap taun ngawisuda pikeun ngalahirkeun sarjana, tapi sarjana anu ulama hésé ditéanganana. Tetempoan kaum muslimin geus kapangaruhan ku budaya hédonestik anu nganggap harta jeung matéri jadi udagan saperti dina iklan susu ‘yang penting énak. Lamun anu ngamumulé nurani ummat geus leungit bakal kajadian saperti langlayangan pegat bakal hiber kumaha arah angin, ummat bakal lésot jeung ruksak jadi korban politik , dialeut-aleut sina démo diadu jeung aparat keamanan padahal mah sagala pasualan bisa diréngsékeun ku cara dialog.

b. Maneuhna kabodoan. Ciri kiamat anu kadua dina hadits di luhur akibat tina leungitna sumanget nyiar élmu nya anu bakal mucunghul téh maneuhna kabodoan jalma geus teu resep diajar tapi resepna téh hiburan, seuseurian, nongton jeung balakécrakan. Lamun milih pamingpin pasti milih anu deukeutna kana eusi beuteung geus teu maliré kana kualitas laku lampah jeung ahlak, yang penting énak. Ciri kiamat anu kadua mah lamun otak geus teu jalan pikeun ngaréngsékeun pasualan ummat tapi ngaréngsékeunana ku pendekatan sospol alias sosorongot jeung popolotot nu ngakibatkeun ancurna duduluran.

c. Ngarinum Arak. Ceuk Mendagri mah arak téh kabagi tilu : golongan A lamun alkoholna kurang ti 5%, golongan B antara 5% nepi ka 10 % sarta golongan C mah ti 20% kaluhur. Pamaréntah Daérah nyieun Perda Minuman Keras pikeun nangtayungan masarakatna  anu eusiana sakabéh minuman keras teu meunang dijual bebas di masarakat tapi ditempat husus pikeun jelema kapir anu biasa mabok. Kahuruan pasar atawa imah teu ujug-ujug ngagedur tapi mimitina mah tina pepentul korék api anu leutik tapi bisa ngaduruk pasar anu ngajungkiring. Kamaksiatan, rék mabok, jinah atawa korupsi mimitina mah tina leuleutikan heula. Lamun arak geus dilégalkeun naon waé jeung kumaha waé wujudna nya ieu nagri téh geus kiamat sosial tinggal dagoan kaancuran bangsa anu leuwih rongkah. Komo lamun dibarengan ku mabok pulitik geus teu apal tincakeun hirup, halal haram geus teu jadi pertimbangan.

d. Mahabuna perjinah. Mahabuna perjinahan akibat tina  leungitna kaimanan. Jalma geus teu sieun ditibanan bebendon ku Allah SWT. Lamun tatanan rumah tangga geus ancur anu muncul perselingkuhan jeung perjinahan. Lamun prostitusi geus dilégalkeun bakal loba barudak lahir anu cacat atawa dipaéhan anu kadituna ngundang bebendon Allah SWT. *** 

Diterbitkan Oleh : Al Masjidiy Jurnal News Network

Al Masjidiy Murupakan kumpulan dari tulisan-tulisan yang ada dalam beberapa buletin dan artikel ilmiah, soalnya admin pernah menjadi pemred beberapa buletin di Kota Metro Lampung dan Kota Bekasi. Saat ini admin Fokus pada pengembangan media online. Admin juga menerima tulisan dari pembaca melalui email: almasjidiy@gmail.com

Join Me On: Facebook | Twitter | Google Plus :: Terima Kasih Telah Membaca Artikel Ini ::

0 comments:

Post a Comment

Opini Terbaru