
LGBT téh lain singkatan tina Lieur, Gélo, Belegug jeung Teu Eucreug atawa Linglung, Gendeng, Bégo dan Tak Waras atawa Laki-laki Ganteng Bininya Tiga, tapi wancahan tina Lésbian, Gay, Biséks jeung Transgénder. Lésbian, awéwé bogoh (resep) ka awéwé. Gay hartina lalaki bogoh ka lalaki. Biséx, resep ka lalaki ogé resep ka awéwé. Transgénder mah banci alias khuntsa. Jadi LGBT téh nyaéta “penyimpangan perilaku séks”, nu teu dilakukeun ku mahluk séjén saperti ucing, anjing, domba, embé, sapi atawa kebo, kajaba babi. Dina wangkongan ieu mah urang mimitian ku GAY, jadi GLBT.
GAY téh Homoséksual téa, lalaki bogoh ka lalaki. Mun di-Indonésia-keun atawa di-Sunda-keun mah Gay téh Homoséx anu sok ngalakukeun lampah-lampah séx anu méngpar anu kajadian dina jaman Nabi Luth AS. Kapan harita téh, opat malaikat anu sumping ka Nabi Luth AS, diutus ku Alloh SWT ngarupakeun jalma-jalma anu karasép garanteng, ngan ku garwa Nabi Luth AS dibéjakeun ka para Gay, “Euy, di imah urang aya lalaki opat, karasép”, cék garwa Nabi Luth AS ka pingpinan Gay. Breng wé maranéhna daratang ka bumi Nabi Luth AS, dugika Nabi Luth AS kacida reuwasna bari pok nanya ka para Gay, “Rék naon maranéh ka dieu?” Cék para Gay harita, “Kadieukeun éta tamu andika, kami geus teu kuat”. Saur Nabi Luth AS, “Cik atuh sing baroga cedo, éta téh tamu kaula. Tuh kaula boga anak awéwé tilu, prak kawarin”. Cék para Gay, “Embung awéwé mah bosen. Hayang éta lalaki anu opatan, kadieukeun”. Teu apaleun yén tamu anu opatan téh malaikat.
Ti baheula kénéh geus ditingalikeun éta lalakon téh ku al-Quran. Nabi Luth AS téh alo Nabi Ibrohim AS anu dibenum ku Alloh SWT janten rosul di daérah Yordan mun kiwari mah. Harita mah ngaranna téh Sodom jeung Ghomoroh. Jadi lalakon Gay téh geus kolot kacida. Ngan kumaha harita? Nya ku Alloh SWT dibalik-lemahkeun. Malaikat anu opatan téa nyarios ka Nabi Luth, “Luth, kerid kabéh anak anjeun jeung pamilon anjeun, kajaba pamajikan anjeun. Sabab pamajikan anjeun bakal kaasup jalma anu dilelepkeun ka jero taneuh”. Beurat-beurat ogé Nabi Luth AS ngalaksanakeun éta paréntah. Ninggalkeun daérah Sodom jeung Ghomoroh. “Tong ngalieuk ka tukang!” Sanggeus jauh ahirna éta opat malaikat ngangkat wilayah Sodom jeung Ghomoroh ka langit laju dibalik-lemahkeun, anu ayeuna jadi Laut Mati.
Jadi, Laut Mati anu ku Alloh SWT disebatkeun dina Surat Adz-Dzariat, “Kami geus ninggalkeun hiji bukti (data anu oténtik) nyaéta hiji tempat (anu disebut Laut Mati ayeuna) pikeun jalma-jalma anu sieun ku siksa Alloh anu kalintang peurihna” téh asalna tina dua daérah anu dibalik-lemahkeun téa. Jadi lamun téa mah urang ngagugu kolompok GBLT anu hayang Undang-undang Pornografi jeung Pornoaksi dijieun Undang-undang Séx Bébas; anu cék Jang Ulil tokoh Liberal “Tuh geuning daérah-daérah anu nyatujuan GBLT teu disiksa ku Alloh”; prak wé dagoan, upama téa mah Alloh SWT ngersakeun pasti nurunkeun azab. Naha éta mah rék sacara pribadi-pribadi atawa rék dikumkeun. Éta mangkeluk téh apan sarua jeung nangtang siksa Alloh SWT.
LÉSBIAN nyaéta awéwé bogoh ka awéwé. Ieu teu bina ti homo atawa Gay. Saperti anu kajadian dina jaman Nabi Luth AS. Kusabab lalaki resep ka lalaki, awéwéna dimomorékeun, atuh awéwéna ogé pipilueun jadi awéwé resep ka awéwé. Spontanitas. Kulantaran lalakina resep ka Gay, nya awéwéna ogé resep ka Lésbi. Duka kumaha? Duka ngadu surabi meureun. Da ari Gay mah liwath téa. Lain perang gobang. Ieu jelas ngarempak hukum atawa katangtuan Alloh SWT.
BISÉKS, nyaéta nyaéta salian ti bogoh (resep) ka lalaki ogé resep ka awéwé. Jeung awéwé sok ngayakeun hubungan pon kitu deui jeung lalaki sok ngayakeun hubungan anu disebut homo téa, atawa liwath cék basa Arab mah. Anu jelas liwath téh haram cék sababaraha agama mah, pon kitu deui anu bisa kabaca ku urang dina kitab-kitab klasik. Lamun téa mah ieu disatujuan, jelas lampah urang geus pasalia jeung kapalay Alloh SWT, nyaéta upama urang nyalurkeun hasrat séksual téh kudu ka lawan jenis, lalaki ka awéwé atawa sabalikna, anu bener-bener disahkeun ku agama.
TRANSGÉNDER mah banci téa. Dina basa Agama mah disebutna khuntsa. Di Saudi Arabia mah kolompok khuntsa téh dibina, disuntikan ku hormon sangkan balik deui kana aslina. Ari di urang sabalikna, lalaki-lalaki anu hayang jadi awéwé téh dioperasi “parabotna”, laju dijadikeun parabot awéwé. Saperti anu ku urang kasaksian. Antukna kumaha? Aya istri ageung pinareupna tapi dina beuheungna aya gondok-lakieun sarta sorana teu siga sora awéwé. *** (Ki Udin/BD)
0 comments:
Post a Comment